Jumat, 08 April 2011

Wisata Alam Kawah Kamojang



Kawah Kamojang nyaeta kawasan pariwisata pagunungan anu masih alami,anu ayana di perbatasan bandung -garut,tempatna di kec.ibun. pagunungan kamojang nyaeta pagunungan anu ngabogaan gas panas bumi anu aktip jeng mangrupakeun lokasi pabangkit listrik tanaga panas bumi mimiti di indonesia.

Perjalanan ka Kawah Kamojang tiasa ditempuh ka jalan (Tol Cileunyi, Cicalengka, Nagreg, Garut, Samarang) atanapi (Tol. Cileunyi, Rancaekek, Majalaya, Ibun) tiasa oge (Tol Moh. Toha,/ Tol. Buah Batu, Baleendah, Ciparay, Majalaya, Ibun), diperjalan urang bakal ningali pamandangan alam pagunungan anu endah sarta pasawahan nu matak waas,salain eta urang oge bakal di hadapkeun sareng jalan unu matak paur kusabab jalan anu bade ka kamojang seer pisan tanjakan" Tanjakan anu paling panjang nyaeta nami tanjakana "Monteng".


"Monteng"



ieu kawah kawah sareng tempat anu tiasa di tingal di kawah kamojang


1. Kawah Manuk, nyaeta kawah anu mimiti bakal katingal upami urang nembe leubet ka tempat wisata kamojang




2. Kawah Kereta Api, nyaeta kawah anu ngaluarkeun semburan uap warna bodas anu disadana kawas kareta api



3. Kawah Hujan, nyaeta kawah anu paling unik upami urang aya di kawah hujan otomatis acuk urang bakal sakedik baseh da kakeunaan uap anu sapertos hujan girimis









pamandian cai panas anun ayana di sakita bumi tempat kemah kamojang


Tidak ada komentar:

Posting Komentar